Jumat, 08 Maret 2013

Nadhom Puasa ( Belajar Agama dalam Bahasa Sunda)


Nadhom Puasa


  1. Dupi saum eta genap syarat-syaratna
Islam,  Tamyiz , Suci Haid sareng Nifasna
  1. Opat niat saum fardlu ti wengina
Wajibna teh anggoeun saban dinteunna
  1. Unggal niat saum fardlu romdlon
Nawaitu sauma ghodin an fardli romdlon
  1. Lima nahan tinu matak ngabatalkeun
Ti fajar dugi ka sasurup wayahanakeun
  1. Dupi nu ka genep manjing waktosna
Atawa wujud sabab saum fardluna

ANU NGABATALKEUN KANA PUASA

  1. Sapuluh nu matak ngabatalkeunnana
hiji ain dunia kumargi lebetna
  1. Sanaos saalit sangaja kana jaopna
upami tina mapad kana lebetna
  1. Sarang ngahaja utah kadua na
sanaos teu balik deui kana jaopna
  1. Sareng ngahaja jima nu katiluna
sanaos teu sareng  metu manina
  1. Sareng ngabijilkeun mani kaopatna
sanaos teu kalawan jima bijilna
  1. Sareng deui gelo anu kalimana
sanaos kalintang sakedap gelona
  1. Sareng deui kalenger anu ka genepna
ti kawit fajar dugi ka suruf na
  1. Dupi anu ngabatalkeun katujuhna
eta bobor sateu acan nyata suruf na
  1. Sareng deui murtad anu kadalapan na
tina murtad ka Alloh nuwun raksana
  1. Kadongkapan hed nifas nu ka salapan na
sanaos bada alaqoh mudghoh bijilna
  1. Sareng deui babar anu ka sapuluhna
sanaos teu dibarengan baseuh babarna
  1. Sing saha ngahaja bobor sasih romdlon
atawa hilap niat wengi romdlon
  1. maka keuna wajib imsyak ka anjeunna
saban saban dina sakantun dinteunna
  1. kitu deui ka jalma nu yakin romdlon
poe katilupuluhna bulan sya’ban
  1. henteu ngabatalkeun saum lebet ain
kana jaof mun ti surga eta ain
  1. atawana dipaksa atawa poho
deui istimna jima’ ku tuang bojo
  1. teu batal ku reuhak lebet kana jaof
kusorangan teu karep nu boga jaof
  1. deui henteu batal make sifat mata
atawa diubar sabab nyeri mata
  1. najan aya rasa sifat tawa obat
dina tikorohenteu jadi mudhorot
  1. deui teu batal asupna laleur reungit
kebul jalan kebul tipung tawa leuit
  1. hanteu batal ku neureuy ciduh sorangan
anu tacan kaluar ti patempatan
  1. teu batal ku kalepasan ngingsreuk cai
kekemu teu mubalaghoh kana cait
  1. hanteu batal ku sare sapoe jeput
ti subuh tepi ka maghrib hanteu emut
  1. pingsan kalengger nu kurang ti sapoe
hanteu ngabatalkeun saum eta oge
  1. disyaratkeun make niat nu biasa
ti peutingna niat kaula puasa
  1. hanteu batal ku diserot ku dipatik
kudi ala getih atawa ku disuntik
  1. hanteu sah puasa di poe lebaran
idul fitri idul adha sami mawon
  1. deui hanteu sah dina poe tasyriki
oge teu sah puasana poe syakki
  1. puasa ti genep belas bulan sya’ban
jaba ngodlowan fardlu tawa romadlon
  1. atawa puasa bae geus biasa
tawa disambung reujeung lima belas
  1. haram kanu saum nyium rarangkulan
pami robah syahwatna kukikituan
  1. sareng sunat kanu saum enggal bobor
sareng pami ringan ku korma bobor
  1. pami susah ku naon bae anu amis
teu di baker teu ayamah cai tiis
  1. ari tuang saur sunat diakhirkeun
hadas ageing memeh fajar dileungitkeun
  1. sunat neyurkeun du’a langkung utami
waktos bobor ngadu’a anu sugemi
  1. kedah seueur ngaos qur’an jeung sidekah
salamina romdlon nyeueurkeun barokah
  1. malah mandar hasil lailatul qodar
hususiat umat Muhammad nu sadar
  1. seueur amal kahadean lankung sae
batan tilupuluh rebu nu sarae
  1. makruh dipatik diserot disuntikan
ngaheumheum ngarasaan kadaharan
  1. ngantekkeun ngingsreuk cai eujeung kekemu
nyium nalika syahwat hanteu katimu
  1. anu saum ku tambah tambah sae
ngajauhan kahayangna naon bae
  1. tetenjoan reureungeuan aangseuan
cacabakan ti tincakan kadaharan
  1. sumawona bohong ngupat ngadu-ngadu
pasea pacogreg ngadu hayam adu
  1. ari anu pikun anu gering ripuh
teu puasa dina romdlon kudu tempuh
  1. saban poe sa emud dipidyahan
teu wajib puasa teu wajib ngodoan
  1. anu hed nu nifas eta diwajibkeun
buka tapi  wajib dikodokeun
  1. nu keur nyaba jauh nyaba anu wenang
bukana diperjalanan eta wenang
  1. najan manehna kuat kana puasa
tapi lamun  teu ripuh alus puasa
  1. ari anu gering hanteu meunang buka
kajaba mun tambah ripuh mun puasa
  1. nu keureuneuh nu nyusuan lamun soak
madlorot kamanehna tawa kabudak
  1. maka menang buka tapi wajib qodo
nu nyaba nu gering wajib qodo
  1. sing saha nu buka  teu kalawan uzur
wajib qodo teu menang diundur-undur
  1. tapi lamun sabab uzur nu kasebut
qodona antara hanteu gesat-gesut
  1. tapi alusna mah buru-buru bae
enggal kana kasaen eta sae
  1. sing saha nu tinggal saum sasih romdlon
margi ku rupi rupi wagelan
  1. tuluy maot dina satacana imkan
ngodowan nu tinggal tina sasih romdlon
  1. kanu kitu hanteu wajib naon-naon
teu wajib midyahan teu wajib ngodoan
  1. lamun maotna eta saba’da imkan
wajib dikowan tawa dipidyahan
  1. diqodowan ku walina di pidyahan
sapoe sa emud ngalih kakuatan
  1. kajaba ku uzur hanteu imkan qodo
mun qodo ngalengkahan mah wajib denda
  1. ngalengkhan saromadlon sapoena
samud beas ditambah reujeung qodona
  1. ngalengkahan dua romdlon dua emud
kitu bae saterusna bilangan  mud
  1. anu reuneuh nu nyusuan buka ngarah
ngabelaan orok kudu make fidyah
  1. ari qodlo saum romdlon eta ulah
                  ngelengkahan romdlon deui eta salah


Dicutat tina seratan Alm . KH . ABU HAMID YAHYA ra.  Ponpes Darus Surur II Cibodas Cimahi

2 komentar:

  1. Bagus sekali blog ini. Dari Refki kelas IXB.

    BalasHapus
  2. .Pa saya mau reques. Bagaimana kalau blog smpnegeri1cipongkor.blogspot.com di ubah domainnya. Soalnya terlalu panjang.


    http://irfans.mwb.im

    BalasHapus